Naskah Drama Ujian Praktik
Bahasa Sunda
Judul : Sstt...
Aya Nu Kawin?
By : Naraanim & teman2
Aktor :
M.
A I salaku Adi Otoy
M.
S R salaku Adimas
M.
F L J salaku Ustad Aji Masaid
R A salaku Direktur jeung Penghulu
Aktris :
A P salaku Puput
A D salaku Neneng
D N salaku Narator
D L S
salaku Sheila
D N salaku Ambu
R A salaku Istri 2 jeung Sekertaris Kim
S S salaku Suara Pambawa Berita
S Y R salaku Istri 3
S N salaku Jelita
S N O salaku Kokon
T M salaku Istri 1
W A P salaku Nesa
Take 1
Kacaritakeun di hiji kantor,
hiruplah saurang istri anu umurna 30 tahunan, namina Sheila. Kahirupan Sheila
sangat sampurna. Hiji poe telpon Ambu Ngarubah sagalana, Sheila anu tara
mikirkeun jodohna, ujug-ujug dijodohkeun. Kira-kira kumaha nyaa reaksi Sheila?
Alkisahh dikawitan di TKP... (OVJ TKP)
Direktur :
“Sekertaris Kim punten pangnyaurankeun Nona Sheila”
Sekertaris Kim : “Muhun
direktur”
(Sekertaris Kim angkat)
Sheila :
(toktoktok) “Assalamualaikum, punten bapak teh manggil saya?
Direktur :
“kadieu la.. sok calik”
Sheila :
“mu.. muhun pak. Aya naon nya pak?”
Direktur : “janteun.. hihii abdi didieu teh
nyauran Ela teh, bade mihaturan selamet kanggo Ela”
Sheila :
“selamet pak? Selamet jang naon?”
Direktur :
“selamat ulang taun laaa ... hihii”
Sheila :
“Ahh enya pa, hatur nuhunnya pak”
Direktur : “tah ku kituna, sekertaris kim
tos mesen tuangeun kanggo engke wengi di hotel bintang lima sareng pamandangan
anu saeeee pisan....”
(jol Telp hurung)
Sheila :
“punten sakedap nyaa pak, ieu ti ambu
Direktur :
“Oh nya sok, mangga. Naon sok lah nu henteu kanggo neng Ela mah hihii”
(Ela angkat Telpon Ambu)
Sheila :
“Assalamualaikum, aya naon mbu?”
Ambu : “Wa'alaikumsalam, Ela kumaha? tos 5x lebaran
teu uih, iraha bade uih, iraha nyandak calon ka lembur? Ambu teh tos sepuh, hoyong
minang cucu, sepi di bumi”
Sheila : “Nya Ambu nya, mun Ela can gaduh kumaha? Can
aya jodoh na atuh, Ela betah keneh tos sukses di Jakarta, kan ieu oge kahoyong
alm. Abah, mbu..”
Ambu :
“Tuh nya anggeur, Ela teh kudu inget ayena ges cukup umur keur boga pasangan”
Sheila : “muhun ambu muhun, ela ge
terang umur”
Ambu :
“Eh enya, Ela inget keneh teu ka si Adi ? Baturan SD di kampung baheula”
Sheila :
“si adi? Adi nu mana?”
Ambu :
“etaa Baturan SD di kampung baheula”
Sheila :
“ohh muhun Ambu, inget si Adi nu hideung, sok jail, teu daek cicing, bisa na
ngan gugurubugan”
Ambu : “Eh ulah kitu kabatur, goreng ah! Sabenerna
ieu pesen ti alm. Abah, yen maneh teh kudu kawin jeung si Adi”
Sheila :
“HAHH?! AMBU TEU SALAHH? Ngawinkeun Ela jeung Bebegig Sawah!!ahh Ambu mah tega”
Ambu : “Lain kitu, Ambu mah dititipan wasiat
terakhir Abah. Pokona Sabtu ayena Ela kudu balik ka lembur, Ambu bung nyaho ,
mun teu balik Ambu rek maot weh lah”
Sheila : “Ehh Ehh Ambu tong kitu atuh, enyaa enyaa Ela
uih, tapi can tangtu nya Ela bakal kawin jeung si Adi”
*Hp dipareuman ku ambu*
Sheila : “Halo Ambu ? Ambu? Halo?, Astaghfirullah”
Direktur :
“Kunaon la?”
Sheila :
“biasa pak.. masalah kulawargi”
Direktur :
“Ambu nyuruh ela nikah?”
Sheila :
“muhun pak, ehh pak atos heula nyaa. Ela
bade neraskeun pagawean deui”
Direktur : nyaa nyaa sok atuh, kanggo
rencana ngke wengi ku abdi tunda hela nyaa, jadiii... (pas ningal ka tukang
Sheila kantos indit)
La.. la.. naha indit?
(Direktur angkat telpon)
Direktur :
Sekertaris Kim, rencana wengi ieu dibatalkeun we nya!
Sekertaris Kim : oh enya
pa siap atuh..
TAKE 2
Ela karek datang, jol baturanna nyieun reuwas
JN : HAPPYY BIRTHDAAAAYYY!!!!
Jelita : Tiup lilin gancang tiupp bisi kaduruk
Nesa : Eh ulaah, anteup sinah wish hela ihhh
Jelita : Tiup helaa panas kieuu
Nesa : Nya simpeun weh ni sulit
Sheila : STOOOPP! MENI GANDENGG!! Keur naon atuh? Ieu
deuk surprise atau gelut sihh?
Jelita : Nya hampura atuh laa
Nesa : La maneh kunaon? Jamedud kitu? Aya masalah?
Jelita : Nyasok carita kuneon?
Nesa : Naon lain neon satehh!!
Jelita : Nya atuh eta sarua keneh, meni
Sheila : Jadi kieu daks, urang bingung kudu kumaha,
Ambu hoyong geura ngawinkeun urang di lembur
Jelita : Hahhhh!Jeung sahaaa?! MUNDINGG?
Nesa : SSsst maneh ihh
Sheila : Jeung baturan SD urang, geus mah goreng sieta
tehh, calutak lah pokona
Jelita : Gampang tinggal tolak weh, meni hese
Sheila : Nya masalah na Ambu nganceum deuk maot,
kumaha atuh eta ge kolot hiji hiji na urang
Nesa : Nyageus, cobaan hela maneh balik panggihan
Ambu , karunya geus kolot, bisi bener ajal na eta teh
Jelita : Nya yukk ku Nesa jeung Jelita dibaturan
kaditu, bari cuti saminggu lumayan refreshing
Sheila : Hmmm
kumaha nyaa? Ide alus tapii!! Nuhun nyaa geus ngabaturan urangg muaaach (Pelukan)
(Direktur kurunyung datang)
Direktur :
heyy heyy
Jelita, Nesa, Sheila : Hey Tayo (ketawa bersama)
Direktur :
hadeuh ai maraneh, buru digarawe, ngobrol wae!
Sheila, Jelita, Nesa : Siap pak Direktur
TAKE 3
Sheila nu eweuh rencana ge tuntungna
indit ka kampung halaman jang nepangan ambu. jeung saetik penasaran tentang
Adi. Langsung wae urang tingal di TKP (OVJ TKP)
Sheila :
Assalamualaikum, Ambu !!
Ambu : Wa'alaikumsalam, uhukk uhukk! Aduhh gustii ieu
teh putri ratu Ambu?meni beuki geulis, Ambu sono pisan (pelukan)
Sheila :
Ambu hampura nya Ela karek dongkap ayeuna, Ela ge sono pisan
Ambu : Ehh ieu saha?(Jelita &
Nesa Salim)
babaturan?meuni garaya nya, tong
pake baju kitu ah ngewa, tuh geura ganti baju nu bener, engke peuting bakal aya
acara keluarga
Sheila :
Acara naon mbu, Ela teh nembe uih cape keneh, hoyong bobo heula
Ambu : Euleuhh euleuuh kan Ambu
tos nyarios, maneh teh bakal dikawinkeun jeung si Adi, ayeuna bakal datang
keluarga si Ad. Sok pokona gancang ganti baju!!
Sheila :
Atuhh Ambuuu (kesal)
Ambu :
sok buru-buru,gera-gera
Teu kungsi lila, datang kaluarga Adi datang jang manggihan
Ela, maranehna bakal ngarancanakeun pernikahan
Ust. Aji :
Assalamualaikum, punten Ceu Imas
Ambu :
Wa'alaikumsalam, ehh mangga kalebet. Sok calik-calik
(Calik)
Kurunyung Otoy datang
Ust. Aji :
Damang? Kumaha Ela tos uih?
Otoy :
Mana Ela na mbu? Meni tos sono pisan
*Sabari dikipasan, disisiran, dielap bengetna ku 3 istri*
Ust. Aji :
gandeng maneh, pan anu rek dikawinkeun si Adi
Otoy :
panan abdi teh Adi
Ust. Aji :
iya iya iya iya
*Datang Jelita & Nesa*
Jelita : Astaghfirullah, bener siga jurig bungkeuleuk!
Nesa : Watirr nya si Ela, boh kitu mending kawin
jeung munding
Ambu (lirik
J&N tatapan sinis): Ssstt diukk!!
Sakedapnya pak ustad. Elaa kadieu enggal, ieu aya Abah na Adi, pak ustadz Aji
tos dongkap, buru geulis
Sheila :
(Datang bari leumpang) Innalilahii, cobaan naon ieu gusti (reuwas)
Sheila :
(duduk) Punten abah, Ela alim jadi nu
ka 4, bung dicandung
*kurunyung datang Adi anu sabenarna*
Adi :*tok!
tok! tok!* "Assalamualaikum"
Nesa :
Gusti nu Agung ni kasep kitu (bengong
kaget)
Jelita : Cicing nu urang ihhh
*Gimik rebutan tapi tanpa suara*
Adi : Punten telat, nembe beres rapat di masjid
Ambu : Ehhh Wa'alaikumsalam, sok kalebet Adi
Sheila : Hahh! (Lirik Ambu) nu ieu mbu?
Ambu :
(mere jempol)
Ust. Aji :
tahh neng Ela, ieu teh Adi anu asli Adimas Putra Setia Bin Titan Aji Masaid
Sheila :
ahh enya, kumaha damang kang Adi?
Adi :
alhamdulillah sae neng
Neng kumaha di
Jakarta?
Sheila :
sae kang
Jelita & Nesa :
MMM cocweettt PDKT nih yee
Ust. Aji & Ambu : PDKT?
Jelita & Nesa :
Pengen Deket Kamu Terus hihii
Ambu :
haduh haduh dasar budak zaman ayeuna, sok ahh pa ustad urang kawitan acarana.
Ust. Aji : muhunn mangga mangga, jadi kadongkapan
abdi ka dieu teh bade ngajalankeun pesen ti Alm. Abah Anom nyaeta Abah na Ela.
Ambu : janten Ela, Abah teh hoyong Ela dijodohkeun
sareng Adi
Jelita & Nesa :
Tarima cuyy
Sheila : Tapi mbu, naha teu gancang
teuing lamun langsung nikah?
Ust. Aji :
Wios wios neng, Mun Adi mah emang tos waktosna gaduh putra
Ambu :
ngan kaputusan teh aya di tangan Adi sareng Ela.
Adi :
Mun Adi mah kumaha neng Ela, mangga sok neng Ela anu mutuskeun
Sheila :
Kumaha nya, da Ela bingung
Otoy :
Nya atos wehh jeung Abi nya neng :D
Istri 3 : Yang kita udah tiga
Istri 2 :
Iyaa mas, masa mau nambah lagi?
Istri 1 :
Atuh kang, nanti di jadwal kita ngerubah lagi
Jelita & Nesa :
Iuhhh (jijik)
Ust. Aji :
Ngerakeun sa teh
Mun neng Ela bingung mah urang
mere waktu kanggo neng Ela mikir,
Ambu :
ehh bener pisan Pak Ustad
Sheila :
nyaa atos ari kitu mah, Ela menta waktu saminggu kanggo mikir
Otoy :
Mung sakitu atuh nyaa anu bade didugikeun ku simkuring sareng kulawargi
Ust. Aji :
heh! Bapana saha!!
Otoy :
ohh enya enya
Ust. Aji : Mung sakitu atuh nya anu bade didugikeun ti
abdi sareng kulawargi, punten bilih aya kalepatan wassalamualaikum
Ambu, Jelita, Nesa, Sheila : waasalaikumsallam Wr. Wb.
TAKE 4
Isukna Adi manggihan Ela dibumi na kanggo
nyarioskeun parihal hubungan maranehna. Tiasa teu nya Ela jatuh Cinta sareng
Adi? Urang sambung deui di TKP.. (OVJ TKP)
Adi : Assalamualaikum
Jelita : Wa'alaikumsalam, aduh akang tumben kadieu,
bade ka Dede nyaa? (muka genit)
Nesa :
Dede dede, rujit siaah. Yuukk kang
angkat ayeuna
Adi :
Punten Ela na aya?
(Ela kaluar)
Sheila :
Aya naon di?
Adi :
Bade ngajak kaluar La, yu!
Sheila :
Didieu weh (calik)
(lirik
J&N) mantog satehh!
(Suasana hening)
Sheila :
Aya naon Di?
Adi :
Damang? Kumaha perjodohan na? setuju?
Sheila :
Duka atuh, can siap. Ieu mah Ambu weh
ngarurusuh
Adi :
Ohh kitu
(Hening)
Sheila :
masih ngangon munding kang?
Adi :
Henteu, akang nembe uih, sami siga Ela,
kira-kira tos satahun
Sheila :
Timana kitu? Jakarta?Gawe diditu mah hese mun teu gaduh pendidikan
Adi :
Sanes, akang nembe uih ti Mesir
bereskeun S2
Sheila :
Hahh?!! Oh kitu, nyandak naon wae?
Adi :
S1 mah management bisnis, S2 Agama Islam
Sheila :Oh
naha beda? Terus naha teu gawe di kota, lumayan
Adi : Muhun, kan akang teh
resep ngolah bisnis, tapi ilmu kurang agama atau sebalikna kan teu adil, pasti
moal lancar. Terus akang lebih milih diidieu, sabab akang teh hoyong
ngembangkeun pusat pagawean keur warga didieu.
Sheila :
salut duhh kang (bengong sambil senyum)
Adi :
La?Ela kunaon?
Sheila :
ahh henteu kunanaon kang, Ela bade uih heula nyaa, punten kang (ela pergi)
Tiba tiba kokon datang
Kokon :
Eleuh eleuh tong seer ngalamun kang, pamali bising kasabet
Adi :
ehh muhun astagfirullah
Kokon :
Kunaon kang? Atos pegat centa nyaa??
Adi :
Ahh kokon biasa wehh tong manggil Akang, adi wehh adii
Kokon :
ahh nya adi sok kumaha kumaha
Adi :
janten centa teh rumit nyaa kon
kokon :
muhunn muhunn
Adi :
Komo cinta urang mahh
kokon :
muhunn muhunn
Adi :
Bogoh ka janda salah, bogoh ka parawan geulis salah, bogoh ka maneh komoo
kokon :
muhun muhunn
Adi :
Si abah teh hoyongna naon atuhh nyaa
Kokon :
muhunn muhunn
Adi :
na ai silaing cageurrr?? Panan urang teh keur carita ka maneh
Kokon : muhunn muhunn
Adi :
ahh lieur ngobrol jeung maneh mah (adi Pergi)
Kokon :
Muhun muhun
Ehh
dii.. kunaon??
Adi (geleng geleng) : Lieur maneh mah stress
Kokon : Muhun Muhun
Ehh ehh KUMAHA di?
TAKE 5
Sheila aya di kamar
Jelita :
Adeuh ciyee, beres bobogahana?
Nesa :
ciyee ciyee
Sheila :
euuu euhh gandeng, sstt jempe gera
Jelita & Nesa :
Ssstttt
(jug-ujug suara ciyee )
Sheila nyanyi ciyee Ciye
Jelita & Nesa :
Ssstttt
Sheila muka hp ningal Youtube
Sheila :
Katanya Adi teh pengusaha batagor di Jakarta yahh
Sheila ngetik nama Adi
Pembaca Berita
: Adimas putra Setia bin Titan, mangrupakeun anak kadua putra Ustadz Aji Masid Bin Atang. Lahir tina rahim indungna, dibantu
ku bapana. Di lahirkeun di Imah nganggo paraji. 32 Febuari 1985. Sakola SD di SD Suka Mabal,
SMP Suka Pulang, sareng SMA Suka Kamu, lulusan S1 Universitas HSAU (Hoyong
Sarjana Alim Usaha) jurusan ekonomi jeung ngalanjutkeun S2 juruan agama Islam
di Mesir (Medan Kasisir).
Adimas atanapi anu biasa disebut
Adi mangrupakeun pangusaha sukses Batagor di Indonesia, khusuna di Bandung.
Dianatarana bae aya cabang di sisi walungan ciawitali, sisi walungan lobang
buaya jeung sajabana atu teu tiasa ka jangkau ku masarakat.
Sheila mempause hp
Nesa : Oh enya arurang teh
pernah meser pan, anu di sisi walungan teaa, anu seer sampah
Jelita :
Benerr Benerr
Sheila :
Ohh Batagor Kang Adot, eta teh pamilikna si Adi?
Jelita & Nesa :
Mmmm
Sheila :
sstt ahh urang lanjut deui
Pembawa Berita
: Adi anu ngagaduhan raray anu kasep, di incer ku para istri. Info status
terkini BMKG (Badan Musawarah Kasep jeung Geulis) menemukan bahwa Adimas putra
Setia eta mangrupakeun Jomblo tulen alias (JoLen). Nami instagram na nyaeta
@dedimas_jolenporeper Line na nya eta @jolen_Dedimas, WA na nyaeta 0981234567,
nami FB na nyaeta
Jug-ujug ngaereunkeun
Sheila ningal ka tukang, ternyata babaturanna keur stalker
Adi
Sheila :
astagfirullah, dasar PJTV
Jelita & Nesa :
PJTV?
Sheila :
Pecinta Jomblo Tulen Variasi hahaha
Jelita & Nesa bisik-bisik ngomongin Sheila
Jelita :
Sorangan na ge jomblo tulen nyaa
Nesa :
heeh heeh
Jelita :
aaaa(teriak) Si tulenku lagi live
Nesa :
Hayu hayu keluar milarian sinyal.
Sheila : Ehh ehh rek kamarana?
TAKE 6
Sheila anu panasaran ka Adi tuntungna
miboga rasa anu can pernah Sheila rasakeun ka si Adi, tapi.. bisa teu cinta
Sheila jeung Adi babarengan? Urang tuluykeun deui di TKP (OVJ TKP)
Neneng :
surabi surabii, mangga surabina teh
Sheila :
Neneng?ieu Neneng kaann? Neng ieu abi Ela baturan SD Neneng baheula
Neneng :
Sanes abi sanes Neneng, abi kaditu hela nyaa"*menghindari Ela*
Sheila :
Ieu pasti Neneng, moal mungkin salah. Neng kunaon? Teu resep aya Ela didieu?
Neneng :
Lain kitu!! Abi terlanjur isin ka Ela
Sheila : Kunaon Neng carita, aya naon
Neneng :
(panggil anak) Putt..Puputt kadieu
Sheila :
Saha ieu neng?
Puput :
ambu ieu saha?
Sheila :
ambu?!
Neneng : sabenerna abi teh tos gaduh
murangkalih, abi baheula dijodohkeun jeung juragan beas La, sabab kolot abi
boga hutang loba. Tapi ayeuna tos ngantunkeun. Tah abi isin kulantaran Ela
ayeuna sukses tapi abi geus jadi janda boga budak hiji
Sheila : (peluk) Ehh Neneng cing
sabar nyaa, abi apal pasti eta masalah teu gampang dihadapan ku Neneng, dieu ku
Ela bantuan dagang surabi na nyaa?
Neneng : Ela tong nepi geuleuh ka Neneng
nyaa, cukup warga kampung ieu hungkul nu teu resep ka Neneng, Neneng teu boga
batur didieu*sedih*
Sheila : Neneng tenang wae, Ela mah
ngadukung Neneng Lilahita’ala, oh enya iyeu putri teh namina saha? Meni geulis
kieu, mirip neneng ieu mah
Neneng :
Alma Putri Setia laa, put sok salim heula ka bibi
(maranehna ngobrol bari kaluar)
TAKE 7
Di dinteun sore, Neneng nu keur
jualan surabi papanggih sareng Adi. Kira kira kumaha nyaaa reaksi Ela. Urang
tuluykeunn di TKP.... (OVJ TKP)
Neneng :
Masyaallah kang Adi
Puput :
Abahh (nyamperin Adi)
Adi : ehh puput, Abah gaduh sasuatu
kanggo Puput
Puput :
Naon eta bah?
Adi :
Ieuu permen kanggo puput (masihan permen)
Puput :
Hatur nuhun Abah, Puput nyaah ka Abah Adi
Adi : Abah oge nyaah ka Puput
Sheila nu ningal neneng ngalamun langsung ngageuingkeun
Sheila :
(tepuk pundak Neneng)
“Neng! Kunaon?
Ohh Neneng reseup ka si Adi?!!”
Neneng :
SSsst henteuu La, tadi mah Neneng rewas
Sheila :
Tos teu nanaon Neng jujur weh, ku Ela dibantuan
Neneng :
Percuma La, Neneng moal mungkin bisa jodoh jeung si Adi *galau*
Sheila :
Naha bari jeung teu bisa?, Yuk susulan si Adi ayena
Neneng :
Ulah Laa ulahh,
Sheila :
Heyy Adi
Neneng :
Assalamualaikum kang Adi
Adi :
waalaikumsallam, ehh Neneng (senyum) ehh
neng ela (biasa aja)
Sheila :
sareng puput teh meni deukeut pisann dii
Adi :
ahh biasa puput teh sono ka abahna, jadi Adi teh wios dianggap Abah sareng
puput
Kumaha dagang surabina lancar
neng?
Neneng :
Alhamdulillah kang..
Ust Aji tiba-tiba datang
Ust. Aji :
ehh ieu budak, dititah ngajagaan sendal kalah dipadog
Adi :
Ohh iyeu muhun abah (masihan sendal)
Ust. Aji : Budak saha ieu? Ohh budak na si Janda nyaa
Adi :
Astagfirullah Abah, entong nyarios kitu
Ust.Aji : Hehh cicing!!! yeuh jang, tong daek ka si
Neneng, sieta mah ges janda boga budak hiji. Teu cocok jeung silaing, awas siah
mun kawin jeung nu kitu, Abah teu satuju
Adi :
Tapi bah, Neneng teh awewe bageur, etamah ngan salah kolot na kalilit hutang
Ust.Aji : Maneh bogoh ka si Neneng?jauhan sieta, mun
henteuu maneh moal dianggap budak ku Abah (ust. Aji indit)
Adi :
Muhun Abah muhun (lirik Neneng sedih)
Neneng :
Ela, Kang Adi. Neneng pamit nyaa. Assalamualaikum
Hayu putt, urang uih
(puput ngagugu naon ceuk si Neneng)
Puput :
Surabi..surabi (bari leumpang kaluar)
Sheila :
Puntennya Di, Ela teh teu maksud ciga kieu
Adi :
Muhun teu sawios la..
Sheila :
mun kitu Ela bakal batalkeun perjodohan ieu nya
Adi :
ehh naha laa?
Sheila :
Ela mbung bogoh pedah kapaksa Diii, cinta mah kudu ikhlas ti hate ka hate Dii..
Adi mah kalem we, Ela ciga kieu
demi Neneng, sahabat Ela
Adi :
nuhun nya laa hanupis nyaa
Sheila :
sami-sami di
TAKE 8
Saberes kajadian kamari, isukna Ela
mere nyaho ke Ambu jeung Ustad Aji yen Ela teu tarima di jodohkeun pedah miboga
alasan kantos gaduh kabogoh di Jakarta, padahal sabenerna henteu. Bisa teu
Ustad Aji narima Neneng dengan Adi?urang tuluykeun di TKP...
(abah dan adi keur diuk santai di teras imah)
Adi :
bah..
Ust. Aji :
Hmmm
Adi :
Abah..
Ust. Aji :
Hmm
Adi :
Abaa ahh..
Ust. Aji :
Hmm mmm
Adi :
Abah ih nyaa, Adi bade nyarios. Tingali heula Adi
Ust. Aji :
Aciyee Kurang perhatian niyeee
Adi :
Adi Meriang (lagu meriang)
Musik berhenti
Adi :
hepp hepp hepp, adi teh bade nyarius sariuss
Ust. Aji :
ohh enya enya kunaon kunaon?
Adi :
Adi teh.. mau nikah sama neng Neneng
Ust. Aji :
KUMAHA !!!
Adi : Iya abah, Adi putra
Setia bade nikah sareng NENENG
Ust Aji :
Jawaban abah sarua di, TEU SA TU JU
Adi : Abah.. ai Adi pernah
ngalawan Abah? Ai Adi pernah ngalanggar parentah Abah? Ai Adi pernah menta
sasuatu ka Abah? Henteuu kan Bahh
Ust. Aji (nunduk)
Adi : Adi mohon Bah.. ieu pamenta
terahir Adi ka Abah, pang restukeun Adi sareng Neneng Bahh
Ust. Aji : Tapi.. kabeh
geus telat Adi, Otoy erek ngawinkeun poe ieu
Adi : KUMAHA !!
Naha
Adi teu apal, abah oge naha teu ka kawinan si Otoy?
Ust. Aji : Naha Abah kudu
kaditu
Adi : Panan Abah teh bapana
si otoy
Ust. Aji : Oh enya..
astagfirullah pohoo. Sugan abah budak abah ngan maneh hungkul
Adi : Astagfirullah Abahh,
hayu bahh susul si Otoy
Ust. Aji : Adi Otoy Bin
Titan ......
TAKE 9
Adi jeung Ust. Aji tungtungna buru-buru
ka kawinan Otoy. Samentara Sheila, Jelita, Nesa jeung Ambu kur bisa nunggu
harapan susuganan Adi datang pas dinu waktuna. Bisa teunya Adi datang pas di
waktuna?
(jol Adi dan Ust. Aji datang manggihan narator)
Adi :
Ehh ehh hayuu gancang kaburu si otoy kawin jeung si neneng
Narator :
Ehh ehh naha kalian teh bisa kaluar?
Adi :
Ahh hayu lumpat wehh
Ust. Aji :
Ehh ehh ieu teh saha? Adi na ai maneh nuntun saha? (ust. Aji lumpat)
Narator : Eheh urang balik deui ka
TKP...
Penghulu : Saya Nikahkan Adi Otoy BinTitan
dengan Neneng Sureneng BinEka Tunggal Ika dengan seperangkat sajadah masjid
dibayar NGANN JUKK
Otoy : saya terima kawin nya
Neneng Sureneng Bin eka Tunggal Ika dengan Adi Otoy Bin Titan dengan
seperangkat sajadah masjid dibayar hutang
Penghulu :
Kumaha?sah?
Adi : STOPPP! Cukup toy
maneh ulah kawin jeung si Neneng, geus cukup maneh teu ngahargaan posisi awewe
!!!!
Otoy : Cicing maneh aya urusan naonn?!maneh
teu apal kan?si neneng boga hutang loba ka urang, moal pernah bisa di tebus,
sok pak penghulu lanjut deui
Penghulu :
Sah?
Adi :
TEU SAH! Mun kitu ku urang tebus kabeh hutang si Neneng
Otoy :
Teu cekap Adi Bagong, Hutang Neneng masih loba keneh. Lanjut penghulu
Penghulu :
Sah?
Adi :
TEU SAH pak penghulu
Otoy :
Naon deui??
Penghulu
: ahh lieurr, kumaha sihh sah
teu sah. Sim kuring teh orangnya busy U noww. (penghulu nangtung)
Bu
Narator abdi indit heula nyaa, tong kangen Assalamualaikum
Narator (reuwas)
Semua :
Waalaikumsallam
Adi ngejemput neneng
Adi :
Kadieu Neng (pegang tangan Neneng, bawa neneng pergi)
Neneng : Akangg, nuhun tos bebas keun
Neng (ceurik)
Adi : Neng teu nanaon
kann?neng ayeuna teu kedah sieun deui, tenang Aya akang. Sabenerna akang tos
lami mendem rasa ka Neng. Neng nikah Jeung Akang yuu
Neneng :
Nya kang Neng hoyong, neng ge cinta pisan ka akang
Adi :
Alhamdulillah, nuhun ya Allah
Ust Aji :
Kumaha SAH??
Semua :
SAHHH
Carita Otoy
Istri 1 :
Kang, arurang cerei (indit)
Otoy :
talak kahiji (keneh bungah)
Istri 2 :
mas, kita cerai (indit)
Otoy :
talak kadua (rada sedih)
Istri 3 :
yang, Ayang, kita cerai (plak)
Otoy :
Talak katilu (sedih)
Narator : Akhirna saenggeus perjalan
cinta nu lieur. Neneng jeung Adi bisa babarengan deui, jeung otoy menangkeun
karma na. Cerita ini rengg
Ust. Aji :
ehh ehh tor, tong waka ditutup
Adii Elaa sabenerna, Abah sareng
Ambu teh ngagaduha perasaan masing-masing
Adi :
Adi sihh yess
Sheila :
Ela juga yess
Kokon :
Kokon juga yess
Ust. Aji :
Ai maneh saha?
Kokon :
Muhunn Muhunn
Narator : Teu disangki-sangki
ternyata Ust. Aji jeung Ambu babarengan oge. Akhirna cerita ieu rengg
Direktur ngetokk panto
Direktur :
Assalamualaikum, Neng Elaa, I’m coming
Semuanya :
Pak Penghulu
Direktur :
Penghulu? Sanes abdi sanes penghulu
Sheila mendatangi direktur
Sheila :
Nahh Ambu, Abah, kenalkeun ieu teh kabogoh Ela di Jakarta
Direktur :
Yaa simkuring teh kabogohna neng Ela, Direktur PT UUS NChoi Siwon
Ambu :
eleuhh meni kasep kitu calon mantu ambu teh
Ust. Aji :
abah oge ambu abah oge
Narator indit ka tengah : nyaa tah
ieu ahir ceritana,
Sheila :
Teu Acan Rengse Torrrr
Narator : CERITA RENGSEE!!!!
-
Rengse
-
Terima kasih sudah membaca teman-teman.
Silahkan tinggalkan Kritik dan Saran di kolom Komentar.
Sekali lagi penulis ucapkan terima kasih ;))